Rabu, 22 Juli 2009

Wilujeng tepang taun mamah

Mamah, nu ku sim kuring dipikanyaah, bagja pisan dinten ieu mamah tepang taun, bagja pisan dinten ieu sim kuring masih keneh di paparin waktos ku gusti kanggo nepangan mamah, nyarios ka mamah, dikeukeupan, dipikanyaah, tur diomat-omat.

Bagja pisan gaduh mamah nu kakoncara ku sikep kapamingpinanana, nyontoan nu leres, miceunan nu lepat, ngeunteung ka kahirupan, diajar ka situasi, pinter, cageur, tur bener.

Haturnuhun pisan mamah, bagja pisan sim kuring kagungan mamah nu siga mamah, beurang peuting mamah ngadamel ulukutek dina pacabakan. mung ukur hiji, mamah ngemutan barudak, alim barudak teu sarakola, alim barudak teu dalahar, alim barudak kapoe ku panonpoe.

Disayogikeun sagala rupi fasilitas mung ukur keur barudak, dalahar sangkan karenyang, diacuk sangkan parantes, dimobilan sangkan teu kapoean, diartosan sangkan bisa malayar sakola. Duka seueur pisan pami diemut-emut mah teu tiasa diserat jasa mamah.

Beurang peuting mamah ngaraos nyeri dina tuur, ngaraos nyeri dina tonggong, ngaraos rieut dina mastaka, angger mamah mapah jalan kanggo ngajar, tangga tur kelas ka kelas. tatih calik mapah tatih, terus we kitu sadidinten, sanes ku nanaon, milarian artos sangkan barudak harirup genah merenah.

Duka kumaha sim kuring kedah ngalandongan tuur mamah, duka kumaha sim kuring kedah ngalereskeun tonggong mamah, duka kumaha sim kuring kedah mencetan mastaka mamah, da moal kabayar. Moal kaudag ku sim kuring peurih, nyeri, tur nyeri hate na mamah nitilampah.

Mung haturnuhun nu tiasa dipihatur ku sim kuring. Kiwari sim kuring tacan tiasa ngawales naon no tos dipidamel ku mamah kanggo sim kuring sareng pun adi. Mung haturnuhun sareng doa ti sim kuring.

Duh Gusti Pangeran anu mikanyaah ka samudaya makhluk, pikanyaah pun biang, sakumaha pun biang tos mikanyaah sim kuring ti leuleutik.

Gusti anu mikadeudeuh samudaya makhluk, pikadeudeuh pun biang, apingan lampahna, apingan ceurikna, apingan cape na, apingan gering na, apingan sehatna, margi mung ukur Gusti nu tiasa ngapingan pun biang hurip tur wangsul. Sim kuring mah mung ukur makhluk ka wates ku waktos kakurung raga, ku kituna, sim kuring nyanggakeun ka gusti samudaya perkara pun biang.

Gusti anu mikageugeut samudaya makhluk, pikageugeut pun biang. muliakeun sesa yuswana, tambihan elmuna, bimbing lampahna, gentosan cape na ku kabagjaan, gentosan ceurikna ku kareueusan, gentosan gering na ku kawijaksanaan, lajeng anu kaantukna, sim kuring nyuhunkeun gentosan sadaya amalna ku surga. Amin Ya Allah Ya Rabbal Alamin

Indonesia: Mamah tersayang, bahagia sekali hari ini mamah berulang tahun, bahagia sekali hari ini saya masih dberikan waktu untuk terus melihat mamah, bicara dengan mamah, dipeluk, disayang, dan dinasihati. Bahagia sekali punya mamah yang terkenal karena sikap kepemimpinannya, memberi contoh yang benar, membuang yang salah, berkaca kepada kehidupan, belajar kepada situasi, pandai, sehat, dan benar. Terima kasih banyak mamah, bahagia sekali saya memiliki mamah yang seperti mamah, siang malam bekerja berkutat di tempat kerja. hanya untuk satu, mamah mengingat anak-anak, tidak rela anak-anak tidak sekolah, tidak rela anak-anak tidak makan, tidak rela anak-anak terjemur matahari. Disiapkan segala fasilitas hanya untuk anak-anak, makan supaya bisa kenyang, diberi pakaian supaya pantas, diberi mobil supaya tidak terjemur matahari, diberi uang supaya bisa bayar sekolah. Entah, terlalu banyak kalau diingat-ingat hingga tak dapat ditulis jasa-jasa mamah. Siang malam mamah merasa nyeri lutut, merasa sakit punggung, sakit kepala, tetap saja mamah berjalan untuk mengajar, naik tangga dan kelas-kelas, berdiri duduk jalan berdiri, terus demikian seharian, bukan karena apa-apa, mencari uang supaya anak-anak hidup enak. Entah bagaimana saya harus mengobati lutut mamah, entah bagaimana saya harus memperbaiki punggung mamah, entah bagaimana saya harus memijat kepala mamah, hal tersebut tak akan terbayar. Tak akan terkejar oleh saya rasa perih, nyeri, dan sakit hati mamah meniti langkah. Hanya ucapan terimakasih yang bisa diucapkan oleh saya. Saat ini saya belum bisa membalas apa yang telah dilakukan mamah untuk saya dan adik. Hanya ucapan terimakasih dan doa dari saya untuk mamah. Wahai tuhan yang mencintai seluruh makhluk, cintai ibuku sebagaimana ibuku mencintaiku sejak keci Tuhan yang menyayangi seluruh makhluk, sayangi ibuku, dampingi langkahnya, dampingi tangisannya, dampingi lelahnya, dampingi sakitnya, dampingi sehatnya, karena hanya engkau lah Tuhan yang bisa mendampingi ibuku baik di saat ia hidup maupun saat ia kembali. Saya hanya makhluk yang terbatas waktu terkurung raga, oleh karenanya saya serahkan kepadamu wahai Tuhan segala perkara mengenai ibuku Tuhan yang mengasihi seluruh makhluk, kasihi ibuku. Muliakan sisa umurnya, tambahkan ilmunya, bimbing langkahnya, gantikan lelahnya dengan kebahagiaan, gantikan tangisannya dengan kebanggaan, gantikan sakitnya dengan kebijaksanaan, dan terakhir, saya memohon gantikan seluruh amalnya dengan surga. Amin Ya Allah Ya Rabbal Alamin.

3 komentar:

  1. nyuhungkeun widi , copy punten pisan sinaren nuhun...kang...

    BalasHapus
  2. What is the casino? - SEPT
    The best casino online is the One of the main reasons why septcasino.com people are spending money on a https://tricktactoe.com/ game 바카라 is by having septcasino a few options. https://septcasino.com/review/merit-casino/ One of the reasons

    BalasHapus